Wednesday, March 26, 2014

Aksan

wanci nyerelek ka subuhnakeun haleuang berang ges ampir datang, manusa enggoning ngambah kahirupan anu baris disinghareupkeun kana dua papasangan, kolot budak, awewe lalaki, berang peuting. suka jeung bungah sajabana ti suka bungah gogonjakan dina wadah anu hade pikeun silaturahim, mugia jadi pangukur akurna jeung dulur.
sariring - riring dumadi sarengkak saparipolah estuning gaduhna Gusti. Ahir catur pungkas carita hampura bisi aya carita nu mawa kana hate nalangsa kena kana paribasa ja wadah tutung biritna, sacarana - sacarana, ciri sabumi cara sadesa, beda bangsa lain adat jeung kabiasaan, lain tepak sejen igel, bilih aya cara anu kacandak ti padesaan anu kakantun di pikampungan lain niat jeung tujuan pikeun deleka tapi ukur pangreka basa sugan jeung sugan jadi kembangna kabagja

AKSAN (Aliansi Kulawarga Sunda Nusantara)

No comments:

Post a Comment